Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/263

Ieu kaca geus divalidasi

261

ngĕmpĕlkeun para bupatos, kĕrsana rek barěmpug, tina sidik Dewi Pramanik, leungitna dugi musna, Sang Putri ngadawuh, ka sadaja pradipatya, tjobi manah ku sadaja prabopati, estu leuwih helokna.

10.Istu nĕmbe saumur nja hurip, njorang tiwas nu kieu djalanna, matak nunggarakeun hate, njurungkeun kana napsu, narik pikir suměrah diri, tinimbang djeung kieu mah, anggur lampus umur, njoreang kana aherat, njorang pati moal panasaran ati, lamun geus luluasan.

11.Moal njangking pĕrtiti nu rintih, ka nu salah moal ngomah-ngomah, kadjeun disĕbut logodjo, tukang ngahukum bunuh, mung ajeuna pamugi-mugi, urang sami ngamanah, anu leuwih husu, nĕrapkeun sangka-sumangka, hal pĕrkawis ajana atjeuk Pramanik, djeung si Manetji tea.

12.Mung pribados moal geseh deui, sangka hate ka ieu Manetja, geus tinangtu kana pongkol, těgěsna sapamaksud, djeung dulurna bangsat Manetji, lantaran pang euweuhna, atjeuk teh ti panggung, tangtu dipaling dibawa, ku Manetji těrkadang diarah pati, wantu adat siluman.

13.Ajeuna mah samemeh kapanggih, si Manetja ku sadaja tahan, borogod ku djimat rante, sasampur ti karuhun, parantina ngarante pradjin, lamun dina sabulan, atjeuk hĕnteu timu, tinangtu těrap hukuman, diasupkeun ka djĕro kamar wěrědjit, si Djurung-padjarangan.

14.Raraspedi ngawalon ka Putri, hal pĕrkara ingĕtan kakang mah, ulah waka rusuh bae, nětěpkeun sangka estu, kalĕpatan ka pun Manetji, anu gawe binasa, ka Sang Dewi hasud, dipaling dikaniaja, bilih bae aja salian Manetji, nu njieun kitu lampah.

15.Ajeuna mah Adjĕng mugi-mugi, kĕdah naros kana kawěruhna, kakang Gĕndarata jaktos, ku tingal elmu nudjum, ajana teh Dewi Pramanik, wantu djuru panorah, ti kapungkur-pungkur, ngawangsul Ratna Suminar, ka kĕrĕsa Sang Srimaha Raraspedi, rai lintang mupakat.

16.Hanteu lami těras naros Putri, ĕnja eta ka Sang Gěndarata, tjobi manahan sing jaktos, pĕlĕng lĕbĕting kalbu, hal pĕrkawis atjeuk Pramanik, dina waktu ajeuna, deukeut naha djauh, djeung suka atawa duka, sinarĕngan di mana těmpatna linggih, tjarioskeun ku kakang.

17.Gěndarata ngawangsul ka Putri, bari mĕsum lir anu kewuhan, pěrkawis Sang Adjĕng Putren, mariksa nu saestu, kaajaan Dewi Pramanik, pun kakang sakalintang, nandang pikir ewuh, ku margi waktos ajeuna, teu tiasa ngilĕng těmpatna Pramanik, poek lĕběting rasa.

18.Sarĕng wantun sumpah nu mateni, saupami běběndjon pun kakang, sěmbuni lĕbĕting hate, jen nandang pikir linglung, lir upami paningal lahir, mĕndung djeung halimunan, rasa kakang estu, duka anu djadi marga, tjambal palak kakara saumur hurip, teu mĕntal pangawasa.