Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/29

Ieu kaca geus divalidasi

Sinom


  1. Tunda anu keur didjalan, katjatur Sang Sri Narpati, di karaton nudju lĕnggah, dideuheusan ku papatih, djeung sadaja pramantri, sami-sami gunĕm saur, ari anu diwarta, ku Djeng Gusti Sri Narpati, amung putra Pangeran Purnama Alam.
  2. Tina ĕnggeus kalamian, dietangna tudjuh sasih, djana di Gurangsarak, Sri Maha Ratu ngalahir, ka Raden Arja Patih, diwuwuh pasĕmon měsum, eh Patih marga kakang, njaur teh arek badami, hal pěrkara si udjang Purnama Alam.
  3. Geus tudjuh bulan lilana, ajana di Paramanik, pikiran kakang ajeuna, Ki Purnama leuwih-leuwih, keur aja di nagari, ku matak salĕmpang bingung, sieun kumaha onam, Ki Purnama ngandung ati, boga rasa dibuang dikaniaja.
  4. Aringgis kabaluasan, bawaning njěri brěk gĕring, atawa tina teu bětah, ngaleos ka sedjen nagri, kana těmpat balai, uprak-apruk hanteu puguh, da balik ka dieu mah, sieuneun ku kakang pasti, tah sakitu kakang teh nja kasalĕmpang.
  5. Djeung kadua pĕrkarana, kamari geus tampa deui, surat ti Ratu Ambarak, ka kakang ngagasik-gasik, bulan ajeuna misti, tina sabab beunang ngitung, njalamětkeun barudak, Ki Purnama ka Kaswati, tina sabab geus liwat ti pěrdjangdjian.
  6. Kakang tatjan ngawalonan, ku sabab susah teh teuing, baris ngawalonanana, ari arek tempo deui, era geus minděng teuing, ari arek hanteu tulus, siga naon rupana, lain pakeun di Narpati, aja tata njotjo hanteu pěrěnah.
  7. Tina sabab beunang kakang, ngareremo ti leuleutik, sarta geus aja panjangtjang, pěrtanda kana ngadjadi, sabab do'a teh teuing, rudjuk sĕpuh pada sepuh, ajeuna geus ngangkĕran, tina ěnggeus liwat djangdji, tah kumaha Ki Patih eta pětana.
  8. Raden Arja ngawangsulan, kaulanun dawuh Gusti, manawina karĕmpagan, dintĕn endjing abdi Gusti, sumĕdja ka Pramanik, manawi kenging diwudjuk, Sang Pinutra Purnama, sarĕng bade mĕrih pati, ka pandita manawi mĕntal wulangna.
  9. Saur Ratu sukur pisan, sugan-suganna ku Rĕsi, beunangna Purnama Alam, dipituah diwěwěling sugan ngingětkeun wadjib, doraka