Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/43

Ieu kaca geus divalidasi

Kinanti

  1. Lain patut anak wiku, lain titi anak santri, estu rupa anak menak, teu lami Prameswari, ladjěng lěnggah dina dipan, bari teu pětot ningali.
  2. Garwa prijaji nja kitu, ngaberes sami tjaralik, di djěro gědong kaputran, sami rarěsěp ningali, ka rupi Dewi Kania, ku tina kalangkung geulis.
  3. Uluh lutju uluh lutju, ilih manis ilih manis, alah endah alah endah, geulis lain ulin², gandang lain ku dangdanan, geulis djasmani pribadi.
  4. Teu lami Meswari njaur, ka Sang Pinutraraspati, eh udjang Purnama Alam, ulah nandang kaget ati, rěntag ku sabab diala, ti pasantren Paramanik.
  5. Ku ama reudjeung ku ibu, sabab ibu leuwih-leuwih, nja nandangan kamělangan, turug-turug boga rabi, hina ai di padesan, ajeuna mah udjang misti.
  6. Purun teu purun ge kudu, ulah arek balik deui, ka pasantren Gurangsarak, reudjeung Nji Kania deui, ngeusian karang kaputran, ngadjatnika sěnang ati.
  7. Pinutra njěmbah ngawangsul, měnggah abdi maksad ngiring, kana pangěrsa gamparan, amung sakalangkung abdi, sěsah ku aja pamběngan, adjian teu atjan hasil.
  8. Ku margi eta panuhun, manawi gamparan idin, satahun deui lamina, ngalap kitab di Pramanik, ngandika Pramaswara, rasa ibu anu jakin.
  9. Hanteu kudu djauh-djauh, rek ngalap pangelisi ati, bagbagan elmuning kitab, di dieu ge hanteu djadi, halangan nulujkeun lampah, ngadji elmuning kiai.
  10. Kaduana sabab ibu, leuwih-leuwih keueung ati, ibu padjauh djeung udjang, běněr ibu sugih mukti, kawasa pangkat Meswara, disěmbah digusti-gusti.
  11. Dirubung ku dulur-dulur, didjaring ku kulawargi, didjaraga ku ponggawa, tatapina hanteu kalis, pikir ngungun sumoreang, sabot udjang di Pramanik.
  12. Ibu nandang gěring nantung, ti peuting ngan wungkul njaring, bajeungjang mělang ka udjang, timburu pinanggih gěring, ti beurang wungkul njoreang, sieun pinanggih kanjěri.
  13. Ajeuna udjang geus tjunduk, atuh ibu tjageur pikir, lesot tina