bětah, djeung kumaha ngadji teh ěnggeus mangarti, tjoba ama bedjaan.
9. Sang Pinutra Purnama teu lami, těras njěmbah ngawangsul ka rama, kulanun dawuh Pagusten, abdi Gusti nu estu, aja hibar dampaling Gusti, hapěrkawis adjian, amung hanteu wudu, kadar diadjar sakědap, saur Ratu ih bari sok montong teuing, bablas sakabeh kitab.
10. Ngan supaja darapon mangarti, sabab lain gadangan ulama, bisluit njangking pasantren, sakitu ge geus tjukup, hanteu kudu diadjar deui, reudjeung ajeuna ama, anu matak rusuh, udjang diala ku ama, saěnjana ama mělang leuwih-leuwih, udjang di Gurangsarak.
11. Tina sabab dihantěm dipikir, bět tjatjakan padeukeut djeung ama, awewe gudjrud paroho, ampir gujur tagiwur, djauh komo di Paramanik, těrkadang matak tiwas, tah ana sakitu, reudjeung kadua pěrkara, udjang ngirim surat hal undjuk tingali, ka ibu djeung ka ama.
12. Měrtelakeun jen geus boga rabi, ka Kania seuweu wiku Kurbah, ama leuwih heran hate, ari nu matak bingung, sabab udjang bareto geuning, gurnita nja tampikan, ka praputri ratu, anu gareulis rupana, sumawonna ka anak santana kuring, bangun nendjo ge tjua.
13. Ahir-ahir ari di Pramanik, udjug-udjug, nikah ka Kania, leungit tampikan bareto, ku sabab eta kitu, tjoba ama hajang papanggih, reudjeung Kania tea, tjoba-tjoba saur, hanteu lami Sang Pinutra, ladjěng njěmbah mios ti pajuneun Gusti, njaur Dewi Kania.
14. Hanteu lami Sang Putra djeung raji, geus ngadeuheus ka pajun Sri Nata, Kania tumungkul mando, gedengeun Putra Sunu, langkung-langkung nandangari adjrih, kotjap Maha Narpatya, anu hajang maphum, ka mantu Dewi Kania, barang ret ge ningali ka Njai Dewi, sotja kumědep tasma.
15. Ratu dugi teu jasa ngalahir, mung hookeun ningali Kania, olohok teu kěndat měntjrong, njaur lěběting kalbu, bět tetela geulisna leuwih, hanteu geseh ti bedja, beunang ge disěbut, ieu mah mustika rupa, nja paingan Ki Puranama Alam sudi, ari kaja kieu mah.
16. Tina budi něpi kana titi, tina rupa něpi kana tindak, lir pědaran ti kaputren, geus asup kana tjatur, nurub tjupu ka anak aing, ngan aing leuwih susah, pikir mundur madju, ari rek těrus Kania, sina tětěp lulus, pandjang laki rabi, ka Siudjang Purnama.
17. Aing tangtu nadangan kaisin, ku Sang Ratu nagara Ambarak, těrkadang manahna goreng, ngarurug ngadjak tarung, taruh pati ngabojong nagri, djalan ku ieu pasal, aing leuwih paur, turug-turug Sang Amabarak, gagah sakti djuru unggul dina djurit, taja radja nu kuat.
18. Ari arek dibědol ku aing, sina pisah Ki Purnama Alam, djeung