Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/68

Ieu kaca geus divalidasi

66

teu sumping, heran Dewi Kania, manah dugděg ratug, barang harita geus siang, pukul tudjuh masih keneh tatjan sumping, Radjaputra Purnama.

7. Hanteu lami Sang Putri Pramanik, ladjěng njaur ka sadaja rentjang, saeusi kaputran bae, di bumi sina kumpul, sarta hěnteu lami ngalahir, dibarung djeung rumenghap, bawaning ku ewuh, tjoba saha anu těrang, waktu lungsur Pangeran Putra ka tjai, kěrsana bade siram.

8. Lamun aja anu mararanggih, tjing ka mana pitěraseunana, kami mah bět leuwih helok, angkat ka mana atuh, anu matak teu sumping-sumping, ti waktu bada, isa, Djěng Pangeran Sunu, ti peuting waktu lungsurna, tapi něpi ka ajeuna hanteu sumping, da maranan mah mohal.

9. Sadajana ěmban-ěmban sami, ngawangsulan ka Dewi Kania, undjukan teu těrang bae, Dewi Kania wuwuh, nandang heran kawanti-wanti, dumugi humandeuar, lah ka mana atuh, ku tara ti sasarina, untjlang-antjlong taja pedah damel kuli, Sang Pangeran Pinutra.

10. Ngan ajeuna haju anteur kami, urang njusul Pangeran Pinutra, sugan angkat ka karaton, gantjangna nu ditjatur, hanteu lami Putri Pramanik, djung djěngkar ti kaputran, angkat gura-giru, anu ngiring dua ěmban, djuru sěkar ngaran Nji Rata Nji Rati, gandek pangkadeuheusna. 

11. Katjaturkeun geus sumping ka puri, njondong Ratu sarěng Prameswara, di songko pungkur karaton, katingali ku Ratu, ladjěng njaur ka Njai Dewi, njambat ngahiap-hiap, ka Sang Dewi mantu, Putri Pramanik tuměras, ngadeuheusan di pajuneun Kangdjěng Gusti, mando langkung adjrihna.

12. Kangdjěng Ratu teu lami ngalahir, karěp naon Njai teh nu matak, datang rusuh isuk keneh, naon nu djadi pěrlu, djeung pasěmon nu susah ati, tjoba geura bebedja, ka ama sing puguh, ngawangsul Dewi Kania, abdi Dalěm margi ngadeuheus sajakti, maksad bade undjukan.

13. Tina margi abdi Dalěm kenging, kaewuhan anu sakalintang, ku putra Dalěm Sang Anom, Pangeran Putra Sunu, wireh awit wěngian tadi, kintěn tabuh dalapan, kěrěsana lungsur, bade siram dina djamban, hanteu aja abdi-abdi anu ngiring, dina wangkid lungsurna.

14. Mung dumugi ka ajeuna jakti, putra Dalěm Pangeran Purnama, ka bumi teu sumpingbae, abdi Dalěm kalangkung, kaewuhan margi teu sumping, duka Gusti ka mana, ku teu aja saur, margi abdi Dalěm enggal, endjing² dumuheus ka dampal Gusti, ngundjukkeun Sang Pinutra.

15. Sri Narpati teu lami ngalahir, ka Sang Dewi euweuh ka dieu mah, malah ti kamari oge, tjing sugan di Panghulu, atawana di Arja Patih, rek ngadon tjatjarita, mupakat hal elmu, tjoba nitah gulang-gulang,