Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/7

Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1. Dangding Sunda sakadjudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan,soson-soson, kěkěl kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabudjangga djuru lagu, nu paham kadongkarian.

2. Ari ieu nu digurit, lampah menak djaman kuna, masih kaom buhun keneh, wantu alam kadewaan, suměmbah ka sangiang, mundjungna ka sang rumuhun, njambat ka para batara.

3. Beunang nungtik ti leuleutik, njunat-njatět ti bubudak, tataros ti kolot kahot, djuru dongeng alam kuna, ajeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad didjieun babad.

4. Manawi bae ngadjadi, ku sadaja dimaranah, didamĕl tjonto lalakon, kana geusan kamulusan, djalan kasalamětan, satungtung njandangan hirup, rumingkang di pawěnangan.

5. Di ieu babad teu sepi, anu murka nu satia, kabeh watĕkna katangen, sarta leuwih-leuwih nista, ngeunahna tugěnahna, gandjaran nu mulus laku, naraka nu lampah murka.

6. Wiwitan anu digurit, aja sahidji nagara, gĕde sarta leuwih rame, ngaran nagara Riskomar, dina djaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.

7. Kĕrĕta sartana mukti, henteu aja kakurangan, sumembor ka nagri sedjen, tina kamuljaanana, sagala kahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dajeuh lian.

8. Ari nu djadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Dewa Pramajon, kongas adil palamarta, pintĕr sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, djadi bawah parentahna.

9. Kagungan putra sahidji, Sang Ratu ti prameswara, pamĕgĕt kalangkung kasep, dina djaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu kamashur, Pangeran Purnama Alam.

10. Istu kasep taja tanding, djadi mustikana rupa, bawaning ku langkung sae, asup kana paribasa, ku urang nagri eta, tina pada nadah lutju, disebut tjahaja dunja.

11. Keur kasep katambah lantip, nětěpan kasatriaan, taja bubudening