Poesaka Soenda 1924-06-2(12)
Poesaka Soenda 1924-06-2(12) (1924) |
dja di Padjang tea. . . . .
Rea keneh sosompang tjarita, anoe djadi marga lantaran Dja Tingkir diasih deui sarta tepi ka dipoeloeng mantoe teh, nja eta katingali karongkahan Dj. T. di pamoroan, bisa newak banteng, bisa mawa kidang leuweung hiroep-hiroep ka karaton, bisa njokot seupah anoe keur dilemar koe prameswari ti karaton, toer haneut keneh disanggakeunana ka Soeltan di pamoroan, sareng djabi ti eta. Tapi eta sempalan tjarios noe bieu tea moal didadar sadaja. Nja kitoe deui naon soendana eta maesa danoe ngamoek keuna koe pamake, beunangna deui koe Djaka Tingkir tea, eta oge moal dipesek dibedjer-beaskeun, da kenging disasar dirarampa, moal boa eta teh pangraratanana lalakon oerang Gedong Pamingitan tea. Nji Dadoeng Hawoek ngamoek, meureun . . . . . . . . . Ajeuna oerang ladjengkeun tjarios Ki Gedeng Pamanahan, anoe geus meunangkeun Aria Djipang sarta geus dipaparin tanah Mataram koe Soeltan Padjang. Koe lantaran Ki Gedeng Pamanahan geus njepeng tanah Mataram, nja djenenganana oge ti harita mah nelahna Ki Gedeng Mataram (K. G. Matawis). Tanah Mataram leuweung geledegan keneh, nepi ka K. G. Pamanahan koedoe ngadangkal ngababakan koe andjeun. Tapi nadjan bangga teu bisa dianggo seunggah atawa wegah, estoe anteb pertjanten kana dawoehan Goeoe, nja eta Soenan Giri, anoe geus ngandika kieu: “Nja ti Mataram engke medalna piratoeeun anoe bakal lana marentah sakoeliah tanah Djawa teh. Mataram pinagaraeunana”. Koe margi djoemoengdjoeng kana dawoehan Goeroe K. A. Pamanahan teu aja petotna neneda sareng oesaha sangkan laksana sadawoehan tadi, oelah tepi ka djalir njoledat kop koe anoe lian, tjeuk paribasa tea mah, lantaran djagangna koe oerang, djagongna hajang oelah tepi ka dirandjah batoer. Eta margina K. A. P. siang wengi teu petot moentang ka Pangeran, tatapa moedja semedi. Katjarios eta K. A. |
Pamanahan kagoengan saderek sagoeroe anoe geus teu asa djeung djiga, djenenganana Ki Ageung Giring, madepokan di Giring Goenoeng Kidoel. Damelna didinja nja kana mandita deui; sarta teu liren ngolah njalira, neneda ka noe kawasa, koe hajang laksana kagoengan toeroenan anoe iasa ngaheudjeuk dajeuh madeg radja di sadjawa, sakoemaha anoe geus kadangoe koe andjeunna ti goeroena, Wali Soenan Giri tea.
Djadi batinna mah K. A. Pamanahan sarang K. A. Giring teh keur balap mareboetkeun tanah Djawa. Dina hidji dinten isoek-isoek nalika K. A. Giring keur neang sadapan – kalapa anoe disadapna, kawantoe andjeunna teh ngabaroeng djeung djadi paneresan, bet ningali sadapeunana boeahan, aja doewegan noenggoel anoe teu katingali ti kamarina. Sabot keur bengong ngamanahan kalapa, bet ngong aja soara tan katingalan, anoe oengelna: ”Ala eta doewegan teh, sarta inoem beakkeun tjaina, sabab di djerona eusi wahjoe piratoeeun, saha-saha anoe nginoem eta, tangtoe nja eta noe pinoeroenkeuneun Radja Djawa!”. Ngadangoe soara kitoe, K. A. Giring teu rea saoer, ngan terekel bae kalapa teh ditaekan doeweganana geuwat diala. Dina galihna nganoehoenkeun ka noe kawasa, reh asa kaboel noe dimaksoed. Tapi lantaran harita isoek keneh, doewegan teh ngan kakara dikoepas bae, teu atjan dileueut, tina inggis teu seep, ladjeng bae ditjandak moelih, rek diarot pabeubeurang dimana keur hanaangna. Di boemi sok teundeun dina para seuneu dititipkeun ka garwana, ngan teu ditjarioskeun rasiahna. Ti dinja mah ladjeung bae andjeunna angkat deui ka leuweung rek ngababad pihoemaeun. Katjarioskeun wengi eta Ki Ageng Pamanahan mentas moedja samedi njepi salira di Goenoeng Kidoel, endjing-endjing nembe logaj, ladjeng loengsoer bade moelih. Di djalan andjeuna sindang heula ka boemi K. A.Giring, sono tina geus lami teu tepang. Nanging njondong K. A. Giring teu aja geus angkat ka leuweung tea, ngan aja garwana bae. |
Ari saoer K. A. Pamanahan: “Lah koe hanaan koering mah atjeuk, tjing mana legenna, tamba halabhab!”
Tembal priboemi: “Hih, poegoeh teu naheur isoek ieu mah, da kakana balik lengoh, ngan hajoh bae ngadjingdjing-djingdjing doewegan, dipihapekeun ka atjeuk, toeh di para seuneu!”
Saoer semah: “Keun bae doewegan oge, teu aja lahang mah, ieu tikoro mani asa toehoer; keun da moal njeuseul kakang oge doewegan-doewegan bae mah Tjing, poenteun ka dieu oerang poerak!” Enggalna sok koe priboemi disanggakeun, legoek dileueut ditotor koe tatamoe nepi ka kosong pisan, tina ninggang keur hanaang tea.
Doewegan seep, koeloetrak K. A. Giring soemping rek ngaleueut teuteundeunan tea.
Barang gok njampak tamoe, atoeh ger bae ngawangkong sakoemaha biasa sasari, pada sono reh geus lawas teu tepang.
Ari ret K. A. Giring ningali doewegan geus ngagoler, enggal mariksakeun titipanana ka garwa. Atoeh paralak koe garwana ditjarioskeun, jen geus disoegoehkeun ka tamoe. Ari di kontjlang-kontjlang doewegan teh koe K. A. Giring geus kosong teu njesa saketjlak-ketjlak atjan.
Ki Ageng Giring sadjongdjongan mah ngahoeleng teu iasa sasaoeran, harendeg bati handeueul, handjakal taja papadana.
Koe andjeuna diwaktjakeun ka Ki Ageng Mataram rasiah doewegan tea, sarta diririhan dihaben dikoerihit soepaja toeroenan Giring oelah tepi ka njamos teu pisan ngarandapan eta kamoeljaan.
Nanging K. A. Mataram teu iasa djangdji kantoen koemaha kadarna, koemambang ka noe kawasa. . . . . . . . .
Lebaran. |
Oenggal taoen oerang sadaja pada njorang riaja dina ninggangna masa bada toetoep poeasa, anoe ilaharnadiseboet lebaran tea. Koe bangsa Eropa mah dipadjarkeun taoen baroe, eta lebaran teh. Roepina bae lantaran saralah sangka, maroekan ari lebaran teh kamonesan tawis ganti taoen tjara ping 1 Djanoeari.
Naha naon atoeh ari lebaran teh saenja-enjana ? Nilik kana oenina ketjap, di dinja geus ngandoeng harti anoe matak helok. Naha lebaran teh asal tina ketjapnana ? Eta kitoe, pedah dina poe eta tara aja kalebar ? Atanapi, asal tina loebar, atawa kalebar ? Atanapi, asal tina loebar, atawa tina boebaran mentas poeasa ? Mana anoe bener ?
Keun heulaanan ngoedag harti oetjapna mah oerang toenda bae, ajeuna mah oerang pesek eta bae karepna, pang dina mangsa eta make ririja. Meureun tjeuk anoe maraos: Rek dipesek naonana, rek ditetelakeun koemahana deui lebaran teh, sakitoe geus nembres etjesna, jen eta teh pesta agama, riaja Islam, mapan boekti diajakeunana oge dina mentas poeasa.
Tah nja eta anoe djadi lantaran pangmerloekeun ngoengkab eta riaja lebaran tea oge, tina asa teu aja pesekeunana. Tapi . . . . . naha enja riaja di dinja teh parentah agama ? Naha teu aja tjangkaroek Hindoe, pasesaan Boeda anoe kababawa di dinja dipake ngalambon parentah sara ? Ningal latjak noe biasa, aloer anoe geus ngabakoe, moenggoeh di bangsa oerang mah, dina prak-prakanana metakeun kabiasaaan, anoe madjar parentah agama tea, ari geus digoear mah, sihoreng kanjahoan jen rea anoe paseloek, boeh-beh mana Arabna kapendak mana Boedana, katambah koe adat baheula deui, anoe teu aja dina hadis atawa lapadna. Geura tingali dina kapapatenan, dina kawinan, dina sagala roepa bae pendekna mah, anoe teu kakoeroeng koe roekoen, koedoe bae make aja kaselapanana [ 185 ]koe talari boehoen, pasesaan agama anoe ti heula tea.
Tah dina lebaran oge kawasna nja kitoe.
Geura oerang berendelkeun sadajana kabiasaan anoe patali sareng lebaran tea, anoe sok kalampahan keneh ajeuna.
Tah kitoe lebaran teh boengboena, henteu ditjarioskeun ari toeroen imbar sareng walilatna mah, nja kitoe deui ngintip boelan netelakeun roe’jatna tea, eta oge diliwat, da henteu aja lambonanana. Kawasna.
Ajeuna dina eta anoe kaoenggel bieu tea, mangga oerang pasing-pasing mana Arabna mana Madjapahitna, noemoetkeun katrangan Raden A. A. Kromo Djojo Adinegoro Kangdjeng Dalem pangsioen Modjokerto, anoe didadar dina Oudheidkundig Verslag 1923.
Andjeuna mapajna sareng njoektjroekna raratan lebaran teh, ti keur djadi boepati keneh, tapi nembe mendak katrangan anoe keuna enja, sanggeus loegaj tina damel, lantaran ajeuna ajeuna iasa djongdjon ngoengkab pararaton sareng toelisan-toelisan koena anoe dina batoe miwah koropak koropak tilas baheula. Ari anoe djadi poko pamoeka katrangan, nja eta:
A. toelisan dina batoe patilasan baheula, anoe kapendak ti desa Djijoe apdeling Modjokerto, anoe titi mangsana taoen saka 1408, ninggang taoen Walanda 1486, oengelna : Girindrawardana, ratoe Kahoeripan (nja eta nagara anoe engkena diseboet Djanggala sarta akhirna noe djadi dajeuh Koetagirang, kiwarina aja di apdeling Modjokerto) ngadegkeun poedja Craddha (hartosna ngadegkeun korban ; meuntjit sato pikeun hatoerkeuneun ka sesembahanana) dina boelan Kartika (nja eta boelan sawal).
B. Tina katrangan anoe kapendak dina boekoe Nagara Krtagama sareng Pararaton, oenggelna: Haijam Woeroek, Ratoe Madjapahit, ngadegkeun poedja Craddha (pesta korban anoe panggedena) ti awit tanggal 4 boelan Bhadra (ninggang dina boelan rewah) taoen Saka 1284 (= taoen Walanda 1362) geus nimbalan ka sadaja para radja-radja bawahan (Madjapahit) koedoe njadiakeun sasadjen djeung bakti poedjakeuneun, sarawoeh papaes keur ngahias nagara (karaton) sajagian pesta agama. Dina ping 12 na breg poepoedjian anoe djadi poedjian didadar, der pesta agama sakoeliah nagara, dibaroeng koe sasadjen djeung peta sembahna, ngagajoeh lelemboet ti kahijangan, … Heuleut tiloe dinten ti harita ninggang dina boelan poernama, endjing-endjing, Kangdjeng [ 186 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/10 [ 187 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/11 [ 188 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/12 [ 189 ]cekel ku kolotna diacung-acung bari sina reureundeukan ninggang kana tabeuh. Sajabana ti budak kolot-kolot ogé mani pinuh di balandongan téh, pada milu mairan ting réngkénék jogéd, igel salawé. Malah harita katingal aya awéwé sagala nu milu jogéd téh, béjana éta téh ninina budak ngalaksanakeun pakaulanana, kala baheula basa éta budak gering, pokna lamun incuna nepi ka disunatanana arék kaul dijogédan. Ari senggakna sabot keur kitu téh mani ramé “Wahéh, hétah-hétah, héyah-héyah”.
Sajero barudak keur ngigel teu petot jalma awéwé lalaki ting solongkrong ka tengah pakalangan pada nareundeunan duit kana bokor, masak, pikeun nyecep budak téa atawa bagikeuneun ka nu nabeuhan. Nu disunatan téh lain hiji dua tapi aya puluhna, nya éta barudak anak sanak barayana baé, nu kumpul ngahijikeun rijki ngarah teu hambur bahan cara karia pakeréncilan. Guyub rukun adat tuturunan Sunda pituin téh di dinya mah teu acan luntur; geuning di séjén tempat mah nepi ka aya kajadian dina perkara karia papanas-panas paramé-ramé, masing jeung tatangga ogé hayang pada macakal, taya lian lantaranana ngan ku renggang tali kasundaan. Kana kitu téh urang dinya mah rada baid. Sanggeus barudak réngsé dijogédkeunana, di balandongan tuluy sisingkir, terebang candra wati pindah ka tepas imah, di dinya diganti ku terebang leutik (picung lingkup) 2-3 rombong, saasupna baé. Sajaba ti di balandongan, di pipir ogé mani pinuh ku sababaraha rombongan terebang kitu, sarombong-sarombongna pada ngariung cempor, dariukna sawaréh mah teu disamak-samak acan ngagolér baé dina taneuh, atawa disasarapan ku bilik. Ku jisim kuring katangen aya sababaraha rombongan terebang nu datangna narungtutan. Ditanyakeun, éta téh rombongan ti mana bet datangna kapandeurian? Ari walonna “Ieu terebang nu sakieu seueurna karonoaanana mah sanés |
ondangan, nanging karepna baé saking ku resep-resepeunana, datang pribadi, tur aya nu lalakon 5-6 pal. Padahal dongkapna ka dinya téh tara disuguh disaé-saé ukur dibéré ciatah sareng lalawuh sakadarna; parandéné kitu di unggal nu karia tara kirang-kirang nu darongkap ngaramékeun. Babakuna éta téh nu niat mecak pangabisana, da ari nu kirang jajaténna mah terebangna ogé sok keuna ku pangheureuyan batur, kayaning goprok téa, teu harus, atanapi paseukna alaludar, malah baheula mah dugi ka kajantenan aya terebang mabur tina leungeun, tinggorolong ka tengah tegal da asalna kulit embé, nanging ari nu kitu mah ayeuna geus teu aya, kantun pépérétna baé.
Dugi ka wengi pisan nu nerebang téh, beuki campuh baé narabeuhna (nepakna) kawas satengah teu éling, da mun narajang di lebah urang mah matak baritu leungeun. Saking ku campuh-campuhna kitab Berjangji nu dianggo layangna teras disingkirkeun, kawihna digentos ku sisindiran; saparantos kitu wuwuh mijah tambah campuh, anjog-anjogna jung narantung narabeuh terebangna bari éngklak-éngklakan. Dina unggal rombongan geus tangtos aya baladna. Tah éta baladna téh dina keur campuh ting alajrug bari ngapung-ngapung iket teu kanyahoan deui ngan sérépét-sérépét baé kabéh pada maresat bedog, nu roréng beunang ngasah, dihantem dikésrék dikeureut-keureutkeun kana pingping, kana leungeun, jeung ka saluar anggahotana baé teu aya nu diicip-icip teu dipilihan, tungtungna buk-bek silih kadék jeung baturna, semu barungaheun pisan. Teu kinten jisim kuring paurna ningal barudak silih kadék, aya nu ting lalékék meuncitan manéh, ngeureutan létahna, kainggis téh sieun simpreng baé teurak dugi ka pegatna, kumaha numbukeunana deui! Tapi ditingal sakitu buk-bekna téh teu aya nu cilaka saurang ogé. Beuki campuh nu nyeunggakan, “Hetah-hétah, héyah-héyah”, bari émprak |
Lami-lami nu nyenggakan téh tayohna geus carapéeun, saparantos kirang nu ngahétah-hétah, gék deui éta téh sadayana dariuk, nepak terebangna pada antca deui.
“Tah nu kitu”, sanggem sobat, “nu disebat ngésrék téh”. Ceuk jisim kuring, “Naha ieu téh sadayana tariasaeun kana ngésrék? Bet ditingal-tingal sadayana teu aya nu kalarung pada tarabah kana ngaheureuykeun bedog nu sakitu sareukeutna dipaké kaulinan.”
“Rupi-rupi, sawaréh tiasa sorangan sawaréh mah heunteu. Éta nu teu tiasa nurut aub ka nu tiasa.”
“Nurut aub kumaha?”
“Is kapan di antara nu sakitu téh, pada aya kekentongna (kokolotna), dina saméméhna ngésrék éta bedog-bedog sadayana ku kekentong téh ditiup heula dijampéan, supaya ulah teurak kana kulit jelema. Nyukupna éta pangabisa kitu ka 40 jelema.
Masing urang ogé lamun daék hayang milu ngésrék, asal bedogna baé dijampéan heula ku éta kokolot, moal burung jadi weduk maol enya teurak, ngan pantrangna ulah boga dosa lamun rék milu ngésrék téh kudu beberesih heula.”
“Naha yaktos kitu? Boa teuing bedogna baé mintul.”
Sobat téa énggal nambut bedog, api-api rék aya nu dikadék, ka nu tas ngésrék bieu, lajeng dibikeun ka jisim kuring, ari pék téh dikadékkeun kana bonggol cau, mani badé sapat.
Sanggem sobat, “Salah mecakna kudu kana pingping.”
“Ah teu wani,” jawab jisim kuring bari rada éra.
Kacatur dina bretna budak dikeureut isuk-isuk terebang téh teu tinggaleun ngan harita mah ukur 2-3 rombong baé, da nu loba mah subuh-subuh geus baralik, di dinya téh nu ngalésrék campuh deui baé, tinglalékék kana sagala bari jigrah bungah nu taya wates wangenna.
Saparantosna lekasan nembé jisim kuring wangsul.
Éta ngésrék téh babakuna ngabuktikeun pangaweruh kawedukan. Anu barisa kitu babakuna urang désa Panyindangan, nu basa di Bojong ogé nya urang désa éta.
Ari weduk téh aya sababaraha rupa ngaranna ogé kayaning weduk banyu (kulit miyuni cai, mun dikadék teurak si teurak tapi harita kénéh liput deui), weduk batu (kulit lir batu dikadék kalah ka ngebul), weduk gula sabeulah, weduk ... jeung réa-réa deui.
Ari patokanana aya dua rupa, kahiji ngomé kulit supaya ulah teurak ku pakarang, kadua ngomé pakarang sing ledu ulah neurak. Tah weduk nu kadua mah wungkul paragi ngésrék teu beunang dipaké tarung jeung musuh.
Jajatén kolot baheula mah carék aki-aki kiwari nu baheula kungsi ngalaman, kabisana leuwih-leuwih, nepi ka aya hiji jalma dina karia dituar ku baliung tujuh teu daékeun rubuh kalah cangkeul nu nampolan.
Aya deui cenah éta mah rada béh dieu kajadian di Ciawi (onderdistrict Cibarégbég) nu nyalawat téh sarombong-sarombongna dipenggel dihalangan ku haur cucuk atawa bitung, ana prung téh ngadu jajatén, silih séréd, éta hahalang nu sakitu poharana nepi ka ajur raremuk, ing halé parabotna wungkul tonggong.
Dina ramé-ramé ngésré geus tangtos aya kokolotna nu geus pinuh ku élmu, éta kokolot ngajaga bisi aya nu apes nepi ka bobor karahayuan cilaka, teurak, babakuna ngajaring bisi aya nu hiri dengki ngadoroian.
Ieu ngésrék ayeuna geus rada kirang, lantaran dicegah ku Pamaréntah; nu bararisa ogé teu wanieun nembrakkeun manéh da sieun téa.
Perkawis jampé weduk engké ti pungkur disusulkeun, ayeuna masih kénéh dikotéktak nuju dikumpul-kumpul.
A. GANDA PRAWIRA.
Kongres Basa Sunda. |
Basa téh hiji pusaka titinggal karuhun anu pangmundel-mundelna, anu perlu pisan diraksa dipulasara ku saréréa, da nya éta banda saréréa téa. Sanajan di antara urang Sunda geus aya nu ngarasa teu miboga kana basana, tapi sawangsulna réa anu nyaah anu mupusti, sarta usaha sangkan basana tambah jembar, tambah mulya, tambah kamajuanana sing beunang dipidangkeun milu tandang dina pajamanan. Surgi nu kaancikan rasa hayang jumungjung kana pusaka luluhurna, sarta dikalebar ku takajar para bujangga nu geus kahéséan ku ngolah ngokolakeunana, tangtos pisan sering kedal pananya, boh ka kanca boh ka salira, anu ungelna,
“Kumaha akal terékahna sangkan basa Sunda tambah kamulyaanana, tambah kamajuanana, tambah kabeungharanana?!”
Malah sakapeung aya anu lisan kieu:
“Naha basa Sunda téh ayeuna mah bet diraruksak, maké aya lemes kitu, naha maké kecap éta?” Naha, naha rupi-rupi anu matak dinaha-naha.
Aya deui sapalih anu kagungan emutan, “Beu ayeuna mah urang Sunda téh geus réa anu teu bisa basa Sunda! Kumaha akalna sangkan urang Sunda tambih jarero élmu basana? Basa Sunda ulah katélér-télér!”
Tah éta anu karagungan émutan kitu parantos lami aya karepna hayang me...(?) basa Sunda, hayang ngadamel kongrés basa, malah aya anu parantos ngajak ngadegkeun pakempelan “Sastrawinangun” sagala rupa, nya éta pakempelan mulasara basa, nanging bet diganggayong baé, teu acan puguh bubukanana, sakitu geus lami naker.
Rupina tina geus ninggang di mangsana, saparantos réa nu sabilulungan maksud (?), nya lajeng ngumaha ka Java Instituut. Bestuur J.I. nampi kalawan kabingahan, sareng kersa makihikeun ka urang-urang Sunda, ngalaksanakeun sapanuhunna, nya éta baris ngadamel KONGRÉS BASA, supaya bisa ngadadar samudaya anu jadi kapanasaran téa.
Waktuna kongrés geus ditetepkeun dina SASIH MULUD ninggang OKTOBER 1924, lamina dua tilu dinten tempatna di Bandung, nya éta rék ngémutkeun saéna tempat, kawuwuh aya pitandangna pangauban Bandung (méméh angkat ka Mekah), Juragan Patih, Juragan Hoofdschool opziener, Juragan Bestir pakempelan-pakempelan anu sanés, nu pada kersa ngajeujeuhkeun kana jadina éta kongrés.
Ari anu badé dipedar dina éta kongrés, nya éta:
I. Akal tarékah sangkan tambah-tambah kanyaho tina perkara basa.
II. Ngajembaran jeung ngamajukeunana basa.
Ieu anu dua rupi udagan dipencar deui:
1. Tarekah pikeun ngamajukeun pangajaran basa di sakola-sakola, ti sakola désa dongkap ka sakola luhur (anu baris ngadadarkeunana Jrg. Suria di Raja).
2. Mana jeung naon anu kudu jadi basa Sunda lulugu? Basa anu ti satempat-satempatna (dialék) nu kumaha anu beunang digulungkeun jeung basa Bandung? (anu baris ngadadarkeunana Jrg. Mangundikaria, Schoolopniewe Jatiwangi).
3. Nerangkeun adegna basa Sunda, basa anyar, katrangan mundur-majuna basa Sunda, jst. (baris diterangkeun ku Radén Puradireja, Hoofdredacteur Volkslektuur).
4. Kumaha jalan rumawatna jeung ngamajukeunana mamanis basa, saperti dangding, kawih, sisindiran, jst. (ieu baris dipedar ku Radén H. Sumadipraja, Juragan Patih Purwakarta).
5. Nerangkeun perkawis basa lemes, basa sedeng, nganggona sareng cukcrukanana (anu ngadadarna Radén Kd. A. Suriawinata, Bandung). [ 192 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/16
Kalawarta Poesaka Soenda
Taun ka-1 | Taun ka-2 | Taun ka-3 | Taun ka-4 | Taun ka-5 | Taun ka-6 |
---|---|---|---|---|---|
1922-07 | 1923-07 | 1924-07 | 1925-07 | ||
1922-08 | 1923-08 | 1924-08 | 1925-08 | ||
1922-09 | 1923-09 | 1924-09 | 1925-09 | ||
1922-10 | 1923-10 | 1924-(10-12) | 1925-10 | ||
1922-11 | 1923-11 | 1925-01 | 1925-11 | ||
1922-12 | 1923-12 | 1925-02 | 1925-12 | ||
1923-01 | 1924-01 | 1925-03 | |||
1923-02 | 1924-02 | 1925-(04-05) | |||
1923-03 | 1924-03 | 1925-06 | |||
1923-04 | 1924-(04-05) | ||||
1923-05 | 1924-06 | ||||
1923-06 |